Banyolan sunda : Budak Baong Jarang Mandi

Cep Jon Towor katelah rada Jarang Mandi. Hiji mangsa nu jadi lanceukna mamatahan.

" Cik atuh Jon, Sing rajin Mandi.."
" Lah, mandi - mandi teuing, teu boga kabogoh ieuh.. " lanceukna ngahuleng.
Sabaraha bulan ti harita, Jon Towor kebejakuen boga kabogoh. Tapi  anggeur weh, jarang mandi keneh bae.

" Jon, sing rajin mandi atuh..."
" Mandi - mandi teuing, kabogoh geus boga.." Lanceukna rada sebel.
" Na ari maneh..?"
" Kieu, teh, tuh tingali ucing, tara katingali mandi..lumpatna tarik.." Lanceukna unggek.
" Ayeuna..tingali lauk..sakitu unggal detik mandi, angguer we hanyir.."


si teteh lanceuk Jon Towor beuki liuer ngabandungan adina nu baong.


1 komentar:

Posting Komentar